Senin, 28 Agustus 2017

Sobat Dalit

Kacaturkeun aya dua budak lalaki anu nyobat dalit pisan.
"Asa panas pisan poe teh...." ceuk jang Etek bari nyuruput es cendol
"Enya eeuh halodo teh panjang gening" jang Ahong mairan bari nyodorkeun gelas ka tukang cendol
"Cik tambahan mang..."
"Mangga..." tembal tukang cendol
"Lain hong ari silaing ngadenge teu ke peuting aya layar tancep di lembur sabeulah" ceuk Etek muka deui obrolan
"Nya euy ngadenge dewek oge, silaing ek lalajo?" tembal Ahong
"Atuh hayu urang lalajo bareng, saha nu nyaho meunang bebene anyar" ceuk Ahong
Sanggeus malayar es cendol Etek jeung Ahong arindit mulang bari ting kecewis maheutkeun janji yen ngke peuting bakal nonton layar tancep bareng.
Isuk keneh Ahong geus ngurunyung ka imah Etek, barijeung can ngumbah beungeut-bengeut acan atuh cileuh nu masih sing gulayut na juru mata, jeung guratan-guratan halus ngahias dina sisi biwir tembus kana pipi mapaes rupa jang Ahong nu teu pati tegep.
"Sampurasuuuuun......" di pakarangan keneh Ahong geus jojorowokan
"Aeeeh rampeeeees" tembal Etek
"Aduh hampura tadi peuting kuring bablas kasarean, silaing jadi lalajo na?" tanya Ahong kerung
"Jadi" Etek singket ngajawabna
"Kumaha rame Tek?"
"Rame Hong"

#HeureuySunda
#KangToto
Illustrasi gambar: Google

Minggu, 27 Agustus 2017

KEMBANG

Amparan umyang konéng sawah pibuateun.
Ditungguan rajeg bebegig, nyingsieunan manuk.
Teuing usum panén nu kasabaraha kalina, ti
saprak manéhna pamitan. Geus teu hayang
ngitung. Ukur nambahan bangbaluh.
Nguniang cengkat, kaluar ti saung. Mapay
galengan ngurilingan kotakan sawah. Ngebahan
manuk nu bandel aleuntreup macokan paré. Bet
jiga manéhna, bandel. Teu daék ingkah tina
pikiran. Teu weléh napel dina ingetan. Ngajadi
hunyudan kasono, bingung kamana
malidkeunana.
Béngras wiru wiati, dihias ku méga bodas
sahéaban. Hiliwir angin nebak tangkal jajagoan.
Ngoyagkeun bebegig, lir keur ngigel dina wirahma
kokoprak, nu sarua disada saban katebak angin.
Kitu pisan kuring gé, pikir kausap panineungan,
ngageterkeun haté, ngajak kumalayang ngambah
mangpirang gurat panineungan. Nya manéhna nu
jadi musababna.
Bosen leuleumpangan, ngoréléng maksud rék balik
deui ka saung. Karérét nyéngcélak kembang sisi
gawir. Dipetik, di angseu bari ngajugjug ka saung.
Gék diuk, nyawang deui umyang pasawahan.
"Néng..." gebeg, asa loma sorana. dilieuk.
Kembang nu dipetik ti sisi gawir ngadadak mekar
tambah éndah, seungitna malahung kabawa
angin.
# SCS_FIKMIN_NV

Fikmin: Neng Via
Sumber: Sumber: FansPage FB_Saung Carita Sunda
Illustrasi gambar: Google

MAS SASTRO jeung UDUD

Mas Sastro kasabna dagang baso. Nguriling
lembur maké tanggungan. Kabiasaan manéhna
sok ngaroko dina lolongkrang ngadagoan
langganan.
"Mas, Tong ngaroko waé! Bulan hareup mah jadi
50 rébu!" Ceuk Maman nu remen maturan di pos
Hansip.
"Waduh! Naékna mani gancang!" Mas Sastro
kagét ngadéngé omongan Maman.
"Kaputusan pamaréntah!"
"Ah, nu penting mah kaudag molina, Kang!"
Ngahéhéh.
"Sapoé sabaraha bungkus, ududna?"
"2 bungkus!"
"Sabulan téh béak 60 bungkus. Jadi 3 juta
didurukan unggal bulan. Nyaah pisan, Mas!"
"Duh, goning badak, nya!"
"Héhéhé, mémang badag, Mas! Mendingan duitna
dibeulikan roda baso!" Maman méré
bongbolongan.
"Tah kehartos pisan. Munding ngadorong roda,
timbangan ditanggung!"
"Duh, Mas! Euweuh robahna nyarita téh!"
"Abdina pan embé diajar!"
Di pos Hansip, 2 bulan ti harita.
"Mas, geningan ngaroko deui? Kamana ari roda
basona?" Maman nanyakeun campur héran.
"Kaduruk, Kang!"
"Argh!"
==============================
# scs_dongéng_djamhura

Carpon: Kang Djamhur Ahmad
Sumber: Sumber: FansPage FB_Saung Carita Sunda
Illustrasi gambar: Kang Djamhur Ahmad

Sabtu, 26 Agustus 2017

SANÉS CURUK

Di lembur Cipicung mah geus teu bireuk deui, geus
jadi sabiwir hiji. Samalah sawaréh mah aya nu
nyarebut yén Bi Ici téh Si Paraji Sakti, tukang
ngubaran rupa-rupa panyakit katut kanyeri. Tuda
jeung enyana, saciduh metu saucap nyata téh lain
ngan saukur ceuk béja, geus loba anu kungsi
ngalaman diubaran ku manéhna. Hasilna kawilang
nyugemakeun. Mun poé ayeuna dijampé, isukna teu
sakara-kara jagjag belejag deui téh lain bobohongan.
Teu kaitung, teuing geus sabaraha puluh jalma nu ku
manéhna ditulungan, da éta wé, teu sirik unggal usik,
beurang peuting gé imahna padangajugjug ku anu rék
ngadon tatamba.
Siga basa peuting harita. Kira wanci sareureuh
budak, di imah Bi Ici geus nyampak Jang Kono nu
keur pupuringisan bangun nahan kanyeri, pedah éta
curukna nu ampir sapat, alatan kakeureut ku arit,
keur diurutan, cénah ngahaja, sangkan getih
wuwunganana ka luar bisi jadi inpéksi.
"Sok ayeuna mah Sujang, anclomkeun curukna!"
pokna bari ngasongkeun batok nu di eusi cai ka
hareupeun Kono.
"Mangga Bi", tembalna pondok.
Acan gé clom kana batok, pes cempor ujug-ujug
pareum. Mokaha di jero imah téh jadi poék
meredong. Puguh wé leungeun Kono jadi uyup-ayap
ka ditu ka dieu, teu puguh cabak. Sakedapan mah
duaanana patingbaretem taya nu nyoara, nu
kareungeu ukur tingrarekétna palupuh katincak. Teu
kungsi lila, kadéngé Bi Icih cumarita. "Naha Sujang,
curuk téh bet jadi asup ka dieu...?"
"Naha kitu Bi?" ceuk Kono semu anu bingung.
"Enya..., pan kuduna gé kana batok, lain diasupkeun
ka nu kami...!"
"Wios Bi, da sami ieu gé sanés curuk." Jep
maranéhanana jarempé.
Cag!
# SCS_Dongéng_Alé .

Carpon: Kang Agoes Bule
Sumber: FansPageFB_Saung Carita Sunda
Illustrasi gambar: Google

PANGANTÉN ANYAR

Bagja. Bisa kauntun tipung katambang béas jeung manéhna. Beubeureuh pupujaning ati. Lalaki kasép, bageur,
beunghar, pinuh ku tanggung-jawab. Pokona sagalana pikeun kuring mah. Alhamdulillah, teu salah milih. Geus tilu bulan rumah tangga, éstu méré kabagjaan. Tina urusan dapur nepi kana urusan kasur, nyugemakeun.
Tapi kangaranan awéwé, sanajan keur meujeuhna sono bogoh gé ka nu jadi salaki, teu wani ari ngajak ti heula kana urusan kitu mah.
Kawas harita, kabeneran malem jumaah. Salaki katempo jongjon hareupeun komputer. Ngawani-wani manéh ngomong.
"Kang, ayeuna téh malem jumaah nya?" kucap-kiceup, uman-imen.
Satengah ngagurubug manéhna cengkat, tayohna reuwas asa kagebah. Tuluy neuteup. Aya rasa éra. Luk, tungkul.
"Neng...?"
"Kah...,"
"Naha ngadon nyingsieunan, pan apal Akang téh borangan!"
# Scs_Fikmin_Nv

Fikmin: Riri Hania V
Sumber: FansPage FB_Saung Carita Sunda
Illustrasi gambar: Google

Rabu, 23 Agustus 2017

CIPANON NU ELAT

Jafar anteng ngajanteng hareupeun eunteung lomari, panonna museur kana hiji potrèt anu dicepengna nu taya lian potrèt manéhna nu keur ngarèndèng jeung Syifa nalika keur diwalimahan. Aya alum anu kagambar dina romanna, saban ningali ètaa potrét. Sab dina èta potrèt tèh sidik roman Syifa anu barintit kawas-kawas anu tas ceurik, taya bérag nu kagambar. ‘’Mun seug kuring surti kana rupa hal kajadian nu pinuh ku pananya harita, moal enya kuring nuluykeun ieu lalampahan.’’ Teu kaampeuh nu ngaberebey dina juru panonna, anu tuluy ngeclak kana éta potrét.
Jafar diuk dina juru risbang. Bari angger neuteup potret, lamunanna nyoréang kana mangsa nu kungsi kasorang.
‘’Atos heula nya, geura kulem tos wengi! ènjing disambung deui.’’ Eusi SMS dina HP Syifa ka hiji nomer. ‘’ nya sami wè,komo abdi sakieu nyeri jeung kasiksana hirup nandangan tunggara kedah tebih ti salira, jungjunan.’’ Eusi SMS nu séjénna. ‘’Ayeuna mah sing ikhlas wé! Sing yakin, sanaos raga urang paanggang tapi haté tur émutan Akang salamina nyarengan salira.’’ Eusi SMS panungtung. Tuluy Jafar mukaan SMS nu katampa ku èta HP, nu taya lian SMS kiriman ti no nu tadi.
‘’duka kedah kumaha Akang mapalèrkeun ieu hatè anu sakieu gudawangna terang salira baris jadi bojona pameget lian ti Akang.’’ Eusi SMS ti èta nomber. Tuluy Jafar mukaan nu sèjènna. ‘’raraosan tèh hayang ambek-ambekan wè sadidintenna tèh, duh nasib diri.’’ SMSna. ‘’ Kamari-kamari tug dugi ayeuna ukur kieu jeung kieu nu karandapan ku Akang tèh, tuang teu raos, kulem ogè sesah pisan badè reup.’’ Eusi SMS nu pang luhurna ti èta nomber.
Jafar ngarènghap siga nu beurat bari peureum neuteup lalangit kamer. Ras inget deui mangsa peutingan munggaran satasna diwalimahan, nu mana harita kudu mèakkeun peuting bari dibarengan ku nu nonggongan. Kungsi hiji waktu anjeunna nalèk nu jadi pamajikanna, ku lobana sikep Syifa anu teu kaharti. Minangka Jafar meunang panolih ti Syifa tèh geus dua bulan umur rumah tanggana. Ti harita mah saeutik-saeutik Syifa sok rajeun madep ka nu jadi salaki. Kitu ogè sanggeusna Jafar aya niat mungkas tali laki rabina. Ngan harita mah Syifa nu merod. Nya ti harita mimiti daèk ngawula.
Bari sok, neundeun èta potrèt kana laci lomari urutna, rasJafar inget ka wanoja nu dina mangsa harita ngarepkeun pisan dipihukum ku anjeunna. Aya rasa hayang nyuuh dina lahunan èta wanoja pikeun mènta dihampura. Tapi kiwari sagalana geus elat.
Sora orokna anu ngèar harita sasat megatan lèngkah Jafar pikeun ngejat tina èta kaayaan.
# SCS_CARPON
KU: Ravy Rasmita

Carpon: Kang Ravy Rasmita
Sumber: FansPage FB_Saung Carita Sunda
Illustrasi gambar: Google

Senin, 21 Agustus 2017

S U N D A

Sunda
Hiji kalimah anu jadi ajimah
Pikeun jalma anu ngarasa dirina seuweu-siwi pajajaran
Tapi geuning naha ilang
Jati diri sunda anu sajati
Sunda
Larapna kana basa jadi Sunda
Nyandingna kana diri jadi Sunda
Nyurup kana laku jadi Sunda
Nyarumah kana lemah jadi Sunda
Tapi geuning
Larapna kana basa ngan saukur jadi tembang
Nyandingna kana diri ngan saukur jadi akuan
Nyurupna kana laku ngan saukur jadi igelan
Nyarumahna kana lemah ngan saukur jadi ngaran
Kamana atuh Ki Sunda
Ilangna jati diri Sunda anu sajati
Tilemna harkat Sunda anu saenyana
Geuning
Ki Sunda hirup geus hanteu nyunda
Geura nyaring Ki Sunda
Mapag diri sunda sawawa
Mapag harkat sunda wibawa
Gemah ripah repeh tur endah
Ngalarap kana basa nyanding kana diri
Nyurup kana laku nyarumah kana lemah
Jadi diri Sunda anu sajati
*sabagian dicutat tina Tembang Sunda “Tanah Sunda”
SCS_sajaksunda_Emur

Sajak Sunda: Kang Emsur
Sumber: FansPage FB_Saung Carita Sunda
Illustrasi gambar: Google

BAH OMAN

Jaman geus sarwa modéren, teu ukur di kota ka kampung ogé geus nepi, salah sahijina hénpun, barang anu teu bireuk deui ayeuna mah, teu nu kolot teu nu ngora, nini-nini aki-aki ogé baroga.
“ Abah téh dibéré henpun ku incu, ngan kudu dieusian pulsa cenah, cing Abah meuli lima puluh réwueun mah !” Ceuk Bah Oman bari ngasongkeun kertas nomer jeung duitna.
“ Mangga Bah “ Kuring nampanan.
Ampir sajam Bah Oman diuk dina korsi, duka nungguan naon, meus-meus melong ka kuring anu keur jongjon ceting.
“ Sok-sok atuh ngaladangan pulsa téh meni lila, kérésékan wéh ngarah babari ngajingjing !’’ Pokna semu molotot bari nangtung tina diuknat.
# SCS_FIKMIN_DS

Fikmin: Kang Didi Setiadi
Sumber: FansPage FB_Saung Carita Sunda
Illustrasi Gambar: Google

JAGO TIKOTOK

Wanci pecat sawed, Karta geus ngajega bari hohoak hareupeun imah Entod.
"Eeenntoodd...Kaluar sia!"
"Bayar hutang sia ka Juragan Wira!" sora kadia gelap silantang.
Demi Entod, kur bisa nyempod bari ngahodhod ngompod tukangeun panto.
Saha nu teu bireuk atuh ka Karta, centéngna Juragan Wira si "Léntah Darat".
Awak jangkung badag, simbar dada béwos jémbros kadia bangbarongan. Tukang bobok tukang tarok, ngan henteu tukang nyingkabkeun anderok mah. Sab awéwéna maraké calana.
Ngawasa rupa-rupa élmu lahir. Kayaning Sapu Jagat, Sapu Angin, malah sapu injuk jeung sapu paré ogé bogaeun. Katambah ku élmu batin. Kayaning Saépi Geni, Saépi Bayu, ngan teu bogaeun Saépikiran.
Jebrod!
Brak!
Bareng jeung rujadna panto imah Entod, nu ditajong ku Karta. Entod ngacleng neumbrag bilik tukang, muringis nahan kanyeri. Karta nyengir. Sukuna gudawang, sab narajang paku basa najong panto.
"Mun teu dibayar isuk, paéhan ku aing!" nunjuk Entod nu moyongkod.
"Mu...Muhun, Kang!" témbalna teu tatag.
"Jadol téh, suku nyeri euy!" gerentes Karta. Leos indit. Tepi ka buruan.
Sorodot!
Blug!
Karta labuh, alatan nincak cangkang cau nu ditumpangan ku tikotok haneut kénéh.
"Sué, haram jadah, apes aing poe ieu mah!" kutuk gendeng, ninggalkeun Entod nu ngusapan gado.
Isukna Entod meunang béja. Karta asup rumah sakit alatan sukuna tétanus.
# SCS_Carpon_Oday

Carpon Kang: Lodauya Bayangan
Sumber: FansPage FB_Saung Carita Sunda
Illustrasi gambar: Google

Minggu, 20 Agustus 2017

TANDA BEUREUM

Rumah tangga sapuluh taun lilana, teu kurang
sandang jeung pangan, kabeneran boga dunungan
nyaaheun pisan.
Pamajikan geus tara loba tatanya mun kuring balik
peuting, geus teu anéheun deui.
“ Kang cai heula, !” Pokna bari ngasongkeun gelas.
“ Nuhun Nyi, “ Cai diinum ampir béak.
“ Naha Kang, ayeuna mah uih damel téh meni wengi
waé, Abdi mah meni jarang ditoél ayeuna mah, “
Pokna bari ngaléndéan.
“ Da kumaha atuh Nyi, ngaran-ngaran ngadunungan,
kudu nurut, teu meunang hanteu, “ Bari nyangsaya
dina korsi.
“ Rumah tangga téh teu cukup lahir wungkul, da
wajib jeung batinna, “ Pokna deui.
“ Enya Akang gé ngarti, “ Gap kana leungeuna laju
moekan lampu.
Isuk-isuk geus saged.
“ Engké bade ngalembur deui, ?” Nembongkeun
kaméja bodas urut kamari, anu aya warna beureum
dina lebah dada kénca.
-TAMAT-
# SCS_FIKMIN_DS

Fikmin: Kang Didi Setiadi
Sumber: FansPage FB_Saung Carita Sunda
Illustrasi gambar: Group WA

Kameumeut Geugeut

Paamprok jeung si manéhna, palebah sesela méga.
Méga nu ngajadi wates, alam nyata kahirupan, jeung
nu ukur na sawangan. Tapi éndahna karasa, najan can kungsi patepang. Geugeutna miyuni peueut,
najan teu layeut padeukeut.
Boa ngawujud di kieuna, biheung karampa nyatana.
Ukur tepang dina gambar, nyatana duka kumaha.
Pan urang can pada terang, kakurang séwang- séwangan.
Sampurna ti ka tebihan.
Tapi asa dikieuna, nalika keur macakrama. Jarak téh
lain ugeran, hahalang silih élédan. Haté enggeus sabeungkeutan.
Ukur rupa teu karampa, wawakil jirim salira.
Nepangan pinuh kacinta, dipapag ku ka gumbira.
Unggal salsé muka hapé, anjeun nyieuhkeun
kasimpé. Omat ulah haré-haré, tepangan ieu bébéné.
Sanajan teu dugi nyata, pamugi langgeng salawasna.
*diropéa tina sajak, nyobian ngadamel 'Rubuhan dalapan'

Carpon: Neng Via
Sumber: FansPage FB_Saung Carita Sunda
Illistrasi gambar: google