Tampilkan postingan dengan label Carpon Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Carpon Sunda. Tampilkan semua postingan

Sabtu, 14 Oktober 2017

Asma Kang Jaja

Asa kakara ngajaran nganjang ka parawan tanpa
aya halanganana. Asa gagah nyaan....
Sang parawan ngaranna Anah, anak Mang Karta
panyawah Babah Acan. Najan sakadar anak
panyawah, Anah gandang taya papadana.
Awakna rada panjang, rarayna matak nahnay
jajaka mata karanjang. Balatak jajaka nyaah ka
Anah, hayang nganjang, hayang nyangcang.
Hanjakal Anah narah, sabab hayangna ngan ka
Kang Jaja, jajaka bala dadana, malah bala
saawak-awak, ngan hanjakal na mastakana mah
rada carang.
Anah nyaah ka Kang Jaja, Kang Jaja nyaah ka
Anah.
Saban Ahad Kang Jaja nganjang ka Anah.
Basana ngarah tambah nyaah.
Padahal nyatana mah hayang nyabak tangkal
kalapa na pakarangan Mang Karta. Naha?
Sabab na tangkal kalapana aya Anah.
Basa Kang Jaja nganjang tanggal salapan Sawal,
Anah kasampak rada balangah, kawas aya
masalah na manahna. Panasaran, Kang Jaja
nanya, "Naha kawas aya masalah, Nah?
Katarana balangah..."
"Ah, taya masalah Kang..." Anah narah.
"Wah, Akang mah cangcaya.. Balaka lah ka
Akang mah, ngarah janglar kana manah," Kang
Jaja maksa.
"Abah Kang.." Anah kapaksa balaka.
"Abah? Naha Abah?"
"Abah maksa Anah sangkan nampa panglamar
Jang Amat anak bandar kalapa, balatak hartana.
Padahal anak Jang Amat aya kana dalapanna,
katambah-tambah raray Jang Amat mah kawas
panakawan. Jaba balatak randa anyar gara-gara
Jang Amat kawas jalma sawan, saban parawan
hayang kaasaan. Anah narah, ngan Abah kalahka
amarah. Anah kapaksa nampa panglamarna..."
Kang Jaja rarayna rada asak, nahan amarah.
Hanjakal ngadadak taya tangan pangawasa,
sabab Kang Jaja aya panyawat asma. Hayangna
ngawakwak, ngan awakna ngadadak nahnay.
Kalahka nyangsaya na tangkal kalapa. Anah
calangap, ngarasa salah.
Kang Jaja katarajang asma. Kahayangna napas,
malah calawak. Manahna mah ngagantawang,
nyasalah ka Abah, ka Jang Amat, ka Anah. Taya
bayana kasawat asma, katambah jalma
sangsara. Kapaksa pasrah.
Dadah Anaaahhh...!
Cag ah.....

Rabu, 27 September 2017

Malem Juma'ah

Inget yén ké peuting malam jumah Oded gura-
giru muru ka toko obat di sisi jalan, kituna mah
hayang nyugemakeun Imas nujadi pamajikan.
Wanci nyérélék, teu karasa jarum jam geus
nunjukkeun jam sabelas peuting.
Beres nginum obat kuat nu nang meuli disisi
jalan tea Oded asup kakamar. Kasampak Imas
keur ngaréngkol peureum hayam.
Srog, Oded diuk gigireun Imas bari leungeunna
ngaragamang kana cangkeng....
"Nyai hayu atuh, apan ieu teh malem
juma'ah....." Oded satengah ngaharéwos.
"Nuju halangan, Kang..."

#Fikmin_KangToto

Selasa, 12 September 2017

Pa Ambeu-ambeu

Kacaturkeun aya barudak keur ngariung arulin
sapapada baturna.
Sihoréng éta barudakteh keur silihambeuan
leungeun dumeh tas dalahar.
Song hiji budak lalaki ngasongkeun leungeuna.
"Haduuh silaingmah dahar téh jeung rendang euy
méni méwah."
Song budak hiji deui ngasongkeun leungeun.
"Alaaaaaah bau sardencis euy hebat lah, abong
bapa manéh pemborong.
"Yeuh leungeun uing ambuan." ceuk budak nu
rada pendék.
"Wah mantep euy manéhmah daharna jeung
balakutak."
Aya hiji budak lalaki Oded ngarana ngadon
undur-unduran. Sihoréng manéhna sieun
diambeuan lengeuna da rumasa daharna jeung
kurupuk moal ge ka ambeu.
Belenyeng si Oded lumpat balik ka imahna.
Barijeung ingsreuk-ingsreukan pok Oded nyarita
ka indungna.
"Ema...baturmah keur pa ambeu-ambeu leungeun
pédah tas dalahar, aya nu jeung rendang, jeung
sardencis rupa-rupa....
ari Oded dahartéh mung jeung kurupuk biheung ka
ambeu'eun..." ceuk si Oded bari terus nginghak.
Nu ngarana indung ngarasa nyaah jeung karunya
ka anakna, rigidig si Oded dibawa ka kamar, tuluy
besss dilelepkeun leungeuna ku indungna bari
nyarita "Jung sujang geura ambukeun leungeun
manéh kaditu."
Tiriling si Oded lumpat nyampeurkeun
babaturanana bari ngasong-ngasong leungeun.
"Yeuh geura ambuan leungeun uing...." ceuk si
Oded.
"Aduuuuuh hébat gening euy maneh Oded dahar
téh jeung Jambal Roti.
Si Oded kerung : ????????

# Ngacapruk
# KangToto