Rabu, 27 September 2017

Malem Juma'ah

Inget yén ké peuting malam jumah Oded gura-
giru muru ka toko obat di sisi jalan, kituna mah
hayang nyugemakeun Imas nujadi pamajikan.
Wanci nyérélék, teu karasa jarum jam geus
nunjukkeun jam sabelas peuting.
Beres nginum obat kuat nu nang meuli disisi
jalan tea Oded asup kakamar. Kasampak Imas
keur ngaréngkol peureum hayam.
Srog, Oded diuk gigireun Imas bari leungeunna
ngaragamang kana cangkeng....
"Nyai hayu atuh, apan ieu teh malem
juma'ah....." Oded satengah ngaharéwos.
"Nuju halangan, Kang..."

#Fikmin_KangToto

Selasa, 12 September 2017

Pa Ambeu-ambeu

Kacaturkeun aya barudak keur ngariung arulin
sapapada baturna.
Sihoréng éta barudakteh keur silihambeuan
leungeun dumeh tas dalahar.
Song hiji budak lalaki ngasongkeun leungeuna.
"Haduuh silaingmah dahar téh jeung rendang euy
méni méwah."
Song budak hiji deui ngasongkeun leungeun.
"Alaaaaaah bau sardencis euy hebat lah, abong
bapa manéh pemborong.
"Yeuh leungeun uing ambuan." ceuk budak nu
rada pendék.
"Wah mantep euy manéhmah daharna jeung
balakutak."
Aya hiji budak lalaki Oded ngarana ngadon
undur-unduran. Sihoréng manéhna sieun
diambeuan lengeuna da rumasa daharna jeung
kurupuk moal ge ka ambeu.
Belenyeng si Oded lumpat balik ka imahna.
Barijeung ingsreuk-ingsreukan pok Oded nyarita
ka indungna.
"Ema...baturmah keur pa ambeu-ambeu leungeun
pédah tas dalahar, aya nu jeung rendang, jeung
sardencis rupa-rupa....
ari Oded dahartéh mung jeung kurupuk biheung ka
ambeu'eun..." ceuk si Oded bari terus nginghak.
Nu ngarana indung ngarasa nyaah jeung karunya
ka anakna, rigidig si Oded dibawa ka kamar, tuluy
besss dilelepkeun leungeuna ku indungna bari
nyarita "Jung sujang geura ambukeun leungeun
manéh kaditu."
Tiriling si Oded lumpat nyampeurkeun
babaturanana bari ngasong-ngasong leungeun.
"Yeuh geura ambuan leungeun uing...." ceuk si
Oded.
"Aduuuuuh hébat gening euy maneh Oded dahar
téh jeung Jambal Roti.
Si Oded kerung : ????????

# Ngacapruk
# KangToto

Rabu, 06 September 2017

Duriat Saliwat

Anjeun kudu bisa ngarampa kana diri
sorangan. Saha sabenerna diri anjeun téh. Terus deuih sasar sing asak. Saha ari kuring. Dunya anjeun jeung
dunya kuring téh pajauh pisan. Anjeun téh ngan ukur kuwung-kuwung anu aya di langit. Mémang éndah
lamun kasawang ti kaanggangan, tapi hamo bakal karasa jeung karampa wujudna lamun ku urang
disampeurkeun. Kuwung-kuwung anu némbongannana ukur sakolébatan, ukur ngabibita bari pamohalan bakal
bisa katéwak. Sabab, lamun langit geus cangra deui sabihari, kuwung-kuwung bakal leungit tina teuteupan.
Anjeun nu geus neundeun harepan, tangtu bakal kuciwa.
Bari neuteup seukeut kanu ngeluk, bet karasa mentegeg gening haté téh mun inget kana éta ungkara.
Da teu bisa mungkir atuh ari haté mah gés kacanggreud kumanéhna, ngan hanjakal tepung téh asa kapandeurian.
"Kang....." teu kebat nyarita wanoja anu aya dihareupeun kuring.
Katingali na juru panon na patinggurilap cimata nu kasorot ku cahaya lampu.
"Kulan enung....." kuring ngasongkeun tisu.
"Asa teu adil kahirupan teh, dina jaman anu tos sarwa moderen kieu masih aya sepuh anu ngajodokeun putrana...
naha atuh lalakon nu jiga kieu teh bét karandapan ku abdi......?"
Kuring ngan bisa narik nafas bari ngusapan rambut éta wanoja anu nyampay dina dada, dibarengan kuratug na jajantung.
Duriat memang teu bisa dihilian kurupa, duriat teu bisa di aya-aya, duriat datangna heunteu kapaksa....
Asa ku enya, sok sanajan apal éta wanoja gés dicangcang ku tali pertunangan tapi kuring teu bisa nolak kana cintana.
Sok sanajan jauh darajat kuring jeung éta wanoja, tapi gening duriat téh teu bisa dihalang-halang.
Beuki leleb kacinta éta wanoja ka kuring, pon kitu deui sabalikna.
Sok sanajan surti yén micinta anjeun téh lir ibarat ngajul bulan ku asiwung, ngan saukur bisa neundeun asih, hamo bisa mibanda anjeun sagemblengna, tapi kuring tetep teu walakaya.
"Kang.....tos wéngi, hayu urang mulang." ceuk Yulia bari ngaléng ka kuring sa enggeus réngsé ngahadiran résépsi pernikahan sobatna.
"Mangga...." kuring ngajawab singkét.
Dibarengan ku haté anu teu puguh rasa da gening asa jadi perhatian kusakabeh nuharadir.
Inggis kubisi rémpan kusugan sabab saur paribasa, sabuni-buni nyimpen tarasi bakal ka ambeu bauna.
Beurang teu genah dahar peuting teu genah saré mikiran kana pilampaheun satérusna.
Langit angkeub mayungan kota Majalengka, jiga nu surti kana karungsing hate kuring.
Wanci geus nincak ka waktu lohor, sakudunamah panon poe geus panceg na luhur sirah tapi geuning teu katempo da kahalangan ku mega hideung nu gugundukan.
Kuring anteng ngalamun bari mencrong kana cikopi nu geus teu panas deui, cikopi buatan pun Ema nu tara tisasari asa hambar.
"Ujang kunaon bét bengong wae, enggal kacai siap-siap netepan lohor." Sora ema kuring ngabuyarkeun lamunan.
"Aeeeh muhun, sma kedap." kuring ngajawab singket.
Acan oge céngkat dihareup aya nu keketrok kana panto, rikat ema muka kana panto.
Teu pati lila song nyodorkeun amplop ka kuring.
"Nuhun ema..."
Lalaunan kuring muka Telegram ti Bogor ti rencangna Yulia.
Masihan uninga yén Raden Yulia lebét rumah sakit lantaran ngaleueut pil tidur.
Luk kuring tungkul asa boga dosa.
"Hampura enung sanes Akang téga tapi Akang alim rasa anu sumarambah na jero dada bakal leuwih rohaka, nu antukna Akang bakal leuwih beurat ngantunkeun enung....
Akang sadar saha Akang, saréng saha enung, mugia enung bagja saréng pameget pilihan sepuh enung.
Anggap waé carita urang mung ukur angin nu ngahiliwir....
Salam kadeudeuh, Rama."

>Carpon: KangToto
>Illustrasi gambar: Google

Minggu, 03 September 2017

PAREUM LISTRIK


“Naha euy, sukro teh bet asa pait kieu? 
Rada leuleus deuih. 
Boa pedah uingna keur flu kitu?”
“Tutung teuing ngagorengna, meureun”
“Enya, nyah ?”
“Eta sugan...”
“................”
Di luar, sora domba meni raeng mapaesan gelik takbir dina peuting Idul Adha.



Fikmin:Irvan Mulyadie
Illustrasi gambar: Google

Jumat, 01 September 2017

* SATOPLÉS KACANG HÉJO *

"Éling-éling umat, muslimin muslimat hayu urang
berjama'ah solat dzuhur éstu kawajiban urang
keur didunya kanggo pibekeleun urang jaga di
aherat......"
Méni nengtréwélang sora budak nu keur pupujian di musolah, ngahudang panineungan Aki Atma nu keur diuk ngahurun balung bari melenyun ngaroko dun kawung.
Ret ka si Nini nu keur ngabulaeh nyisig. Jol
gabrug wae Aki Atma nyuuh kana lahunan si Nini.
Ngagukguk ceurik inget kana dosa bisi kabawa
maot can dirumasakeun.
"Nini.....hampura aki, paralun ma'lum anu
disuhun wening galih anu di pamrih hampura anu diteda, rék disiksik dikunyit-kunyi rék dicacag diwalang-walang, keun waé Nini, Aki kacida rido..."
"Aki....kunaon ari Aki....?" ceuk si Nini bari
ngabulaeh.
"Hampura Akiteh keur baheula keur usaha
nyanyabaan udar-ider ka ubggal lembur, kungsi
mangnyéléwéngkeun ka Nini tilu kali....."
"Baruuuk.....kungsi mangnyéléwéngkeun nya ka
Nini ?" ceuk si Nini kerung
"Enya akiteh rumasa...."
"Sabaraha kali....?"
"Tilu kali, ka randa sakali, ka randa anak tilu
sakali, ka randa anak tujuh sakali, tuluy ka randa
anak lima sakali, ka Nini-nini sakali, ka randa nu
teu boga anak sakali...."
"Hooooorrr.....atuh leuwih ti tilu kali tamah siah
Aki..." ceuk si Nini molotot
"Enya da di itung-itungteh tilu kali...." ceuk si Aki
bari mités-mitéskeun ramo.
"Dasar Aki-aki pikun, tujuh kali ngakuna tilu kali"
ceuk si Nini kukulutus bari ngalungkeun sisig
kana jandela.
"Hampura Akiteh Nini hampura...."
"Hmmmm.....Aki..." ceuk si Nini bari ngaléngis.
"Keun bae Aki dihampura ku Nini bisi kabawa
maot, sukur atuh ari ngakumah...urang silih
hampura..." ceuk si Nini ngarandeg.
Pok si Nini nyarita deui semu beurat.
"Da Nini ge baheula basa ditinggalkeun ku Aki
usaha téh kungsi mangnyéléwéngkeun...." ceuk si
Nini dumareuda.
Si Aki nu keur nyu'uh dina lahuna si Nini
ngagurubug tuluy cengkat bari olohok.
"Harrrr....nya kungsi nya manéh Nini
mangnyéléwéngkeun ka Aki baheula...?"
"Lain kungsi deui Aki mindeeeeeeeeeeeng Aki,
mindeeeeeng..."
"Hoorrrr sabaraha kali ?"
"Teuing.....da unggal tas kitu jeung baturteh sok
nyimpen ciri, hiji kacang héjo na toplés" ceuk si
Nini.
"Jadi lamun tas kituteh cirina kacang hejo hiji?
ceuk si Aki panasaran.
"Nya, jadi lamun hayang apal sababaraha kali
namah tingali wé na toplés."
"Cing atuh bawa toplésna kadieu." tembal si Aki
beuki panasaran.
Leos si Nini ka kamar rék nyokot toplés, teu lila
kurumuy bari mawa toplés anu pinuh ku kacang
héjo. "Astagfirulaaahh Nini....étamah atuh aya
ratusna, malahanmah rébuan boa...." ceuk si Aki
bari peupeureudeuyan.
Pok si Nini nyarita deui "Tah Aki étateh sésa
ngabubur."
Rumpuyuk si Aki kapiuhan.

# Ngacapruk
# KangToto
Diropea tina bobodoran si Cepot/Asep Sunandar