Senin, 28 Agustus 2017

Sobat Dalit

Kacaturkeun aya dua budak lalaki anu nyobat dalit pisan.
"Asa panas pisan poe teh...." ceuk jang Etek bari nyuruput es cendol
"Enya eeuh halodo teh panjang gening" jang Ahong mairan bari nyodorkeun gelas ka tukang cendol
"Cik tambahan mang..."
"Mangga..." tembal tukang cendol
"Lain hong ari silaing ngadenge teu ke peuting aya layar tancep di lembur sabeulah" ceuk Etek muka deui obrolan
"Nya euy ngadenge dewek oge, silaing ek lalajo?" tembal Ahong
"Atuh hayu urang lalajo bareng, saha nu nyaho meunang bebene anyar" ceuk Ahong
Sanggeus malayar es cendol Etek jeung Ahong arindit mulang bari ting kecewis maheutkeun janji yen ngke peuting bakal nonton layar tancep bareng.
Isuk keneh Ahong geus ngurunyung ka imah Etek, barijeung can ngumbah beungeut-bengeut acan atuh cileuh nu masih sing gulayut na juru mata, jeung guratan-guratan halus ngahias dina sisi biwir tembus kana pipi mapaes rupa jang Ahong nu teu pati tegep.
"Sampurasuuuuun......" di pakarangan keneh Ahong geus jojorowokan
"Aeeeh rampeeeees" tembal Etek
"Aduh hampura tadi peuting kuring bablas kasarean, silaing jadi lalajo na?" tanya Ahong kerung
"Jadi" Etek singket ngajawabna
"Kumaha rame Tek?"
"Rame Hong"

#HeureuySunda
#KangToto
Illustrasi gambar: Google

Minggu, 27 Agustus 2017

KEMBANG

Amparan umyang konéng sawah pibuateun.
Ditungguan rajeg bebegig, nyingsieunan manuk.
Teuing usum panén nu kasabaraha kalina, ti
saprak manéhna pamitan. Geus teu hayang
ngitung. Ukur nambahan bangbaluh.
Nguniang cengkat, kaluar ti saung. Mapay
galengan ngurilingan kotakan sawah. Ngebahan
manuk nu bandel aleuntreup macokan paré. Bet
jiga manéhna, bandel. Teu daék ingkah tina
pikiran. Teu weléh napel dina ingetan. Ngajadi
hunyudan kasono, bingung kamana
malidkeunana.
Béngras wiru wiati, dihias ku méga bodas
sahéaban. Hiliwir angin nebak tangkal jajagoan.
Ngoyagkeun bebegig, lir keur ngigel dina wirahma
kokoprak, nu sarua disada saban katebak angin.
Kitu pisan kuring gé, pikir kausap panineungan,
ngageterkeun haté, ngajak kumalayang ngambah
mangpirang gurat panineungan. Nya manéhna nu
jadi musababna.
Bosen leuleumpangan, ngoréléng maksud rék balik
deui ka saung. Karérét nyéngcélak kembang sisi
gawir. Dipetik, di angseu bari ngajugjug ka saung.
Gék diuk, nyawang deui umyang pasawahan.
"Néng..." gebeg, asa loma sorana. dilieuk.
Kembang nu dipetik ti sisi gawir ngadadak mekar
tambah éndah, seungitna malahung kabawa
angin.
# SCS_FIKMIN_NV

Fikmin: Neng Via
Sumber: Sumber: FansPage FB_Saung Carita Sunda
Illustrasi gambar: Google